NotesWhat is notes.io?

Notes brand slogan

Notes - notes.io




الله اكبرلله اكبر الله اكبرلله اكبر الله اكبرلله اكبر الله اكبرالله اكبر الله اكبر
لاَاله الاالله والله اكبر الله اكبر ولله الحمد الله اكبر كبيرا والحمد لله كثيرا وسبحان الله بكرة واصيلا لاَاله الاالله وحده صدق وعده ونصر عبده واعز جنده وهزم الاحزاب وحده
الحمد لله الذي انعم علينا بيوم العيد وعلينا ان نكثر التكبير والتسبيح والتهليل والتحميد
أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاَّ الله الْوَاحِدُ الْقَهًّارُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدً عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ النَّبِيُّ الْمُخْتَارُ، صَلىَّ اللهُ عَلَيْهِ وَعَلىَ آلهِ الْمُهَاجِرِيْنَ وَالْأَنْصَار.اللهم صل وسلم على سيدنا محمد رسولك ونور كونك الكريم وعلى اله وصحبه صلاة وسلاما دائمين متلازمين الى يوم معلوم اما بعد
يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ آمنُوْا، إِتَّقُوْا اللهَ حَقَّ تُقاَتِهِ وَلاَتَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ
اعوذبالله من الشيطان الرجيم انااعطيناك الكوثر فصلّ لربك وانحر

Hadirin sidang Idul Adha anu mulya
Puji nu maranti urang sanggakeun ka dzat anu maha suci yakni Allah Robbul izzati, Puja nu jadi pangias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa yakni Allah Azza wajalla,di pirig ku galindeungna dua kalimah syahadat, hamo lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang mugia urang sadayana tiasa tetep renggenek lan istiqomah dina enggoning Ta’at ka dzat anu nampi Tobat.
Shalawat miwah salam mangrupikeun hiji doa nandakeun kadeudeuh tur kameuemeut ka jungjungan urang sadayana anu pang nyongclangna sa alam martapada, sok sanaos rebuan taun tos teu aya sengit ngadalinding keceluk ka awun awun katenar kajumantara
Hadirin siding idul adha anu mulya
Khotib wasiat ka diri pribadi sareng ka sadayan kaum muslimin wal muslimat supados Taqwa ka Allah SWT. Kalawan taqwa anu sanyata nyata na yakni dina jero hartos :
امتثال اوامر الله واجتناب نواهيه
Ngalaksanakeun sadaya parentahanana nebihan kana sadaya laranganana
Sarengsena ngalaksanakeun shalat sunat idul adha dugi ka surup panon poe tanggal 13 Dzulhijjah disunatkeun meuncit hewan kurban,anu dagingna dibagikeun utamina ka fakir miskin.
Dina meuncit kurban urang nyawang kana kajadian rebuan tahun ka tukang yakni pengorbanan Nabi Ibrohim sinareng putrana yakni Nabi Ismail dina enggoning ngalaksanakeun parentahan Allah SWT, Nabi Ibrohim ikhlas tur ridho ngorbankeun putrana di peuncit ku panangan anjeuna nyalira,nyakitu deui nabi ismail pasrah sumerah kalawan ikhlas ngorbankeun nyawana demi ngestu turut tumut kana parentahan Allah SWT. Allahu Akbar…kacida agungna eta pangorbanan anak jeng bapak.

$¬Hs>sù x÷n=t/ çmyètB zÓ÷ë¡¡9$# tA$s% ¢Óo_ç6»tƒ þ’ÎoTÎ) 3“u‘r& ’Îû ÏQ$uZyJø9$# þ’ÎoTr& y7çtr2øŒr& öÝàR$$sù #sŒ$tB 2”ts? 4 tA$s% ÏMt/r'¯»tƒ ö@yèøù$# $tB ãtB÷sè? ( þ’ÎT߉ÉftFy™ bÎ) uä!$x© ª!$# z`ÏB tûïÎŽÉ9»¢Á9$# ÇÊÉËÈ
Nalika duanana ( Nabi ibrohim jeng Nabi Ismail ) ges pasrah sumerah,ibrohim ngedengkeun ismali,palipisna di antelkeun kana taneuh, Allah ngagero ka Nabi Ibrohim : Wahai Ibrohim anjeun geus ngabenerken eta impian,saenyana kami geus ngawales ka jalma – jalma anu midamel ka hadean saenyana eta teh jadi ujian anu nyata jeng ku kami di tebus eta ismail ku gibas anu gede.

Hadirin anu mulya
Pangorbanan Nabi ibrohim sareng nabi ismail ngandung hikmah sareng ngarupakeun hiji perlambang keur sakabeh umat islam, yen sakabeh umat islam dina enggoning ngabela sareng nanjerkeun agama kudu wani berkorban sagala-galana,korban harta,korban waktu,korban tanaga,malahan lamun perlu korban nyawa, syiar islam moal katingali cahayana lamun kaum muslim alim berkorban
مادامت التضحية فى عالم الاسلام مفقودة او ضعيفة فلا يرجى لهم فلاح ابدا

"Salagi pangorbanan dikalangan ummat islam leungit atawa lemah pasti moal bisa di harepkeun salilana ka unggulanana."

Meuncit kurban lahiriahna mang rupa sodaqoh daging hewan qurban,tapi hakekatna mah nyaeta marentahkeun ka urang sadayan supaya taqwa,turut tumut kana parentahan Allah SWT. Ku mangrupa daek berkorban, sabab lain mangrupa daging atawa getih hewan qurban anu dugi kana ka ridoan Allah SWT, tapi kataqwaan urang anu mantak ngahontal kana ridhona Allah SWT.

Hadirin anu mulya
Kanggo ka sadayana kaum muslimin anu parantos di pilih ku Allah SWT ngalaksanakeun ibadah haji dina taun ieu urang do’aken mudah – mudahan selamet dina perjalananana,kenging haji anu mabrur tur mabruroh. Ibadah haji the di wajibken mung Saumur hirup sakali, kadua katilu jeng satrasna mah eta hukumna sunat.
Dina ibadah haji aya sababaraha pelajaran anu bisa di petik ku urang sadayana,nyaeta ngadidik ka urang supaya taat kana aturan Allah, rek jalma nu kumaha wae jabatanana,kos kumaha wae pangkatna,rek profesor atawa lain teu aya nu protes di titah ngulilingan ka’bah 7 kali nalika thowaf sanajan padumpel-dumpel jeng nu sejen,lumpat leutik anatara shofa jeng marwah, papanasan di padang arafah,jeng deui teu aya perbedaan warna nalika pake baju ihrom sadayana bodas,rek pejabat atawa lain,sadayana sami sabab nu ngabedakeun di payuneun Allah mah nyaeta Taqwa.

4 ¨bÎ) ö/ä3tBtò2r& y‰YÏã «!$# öNä39s)ø?r& 4 ¨bÎ) ©!$# îLìÎ=tã ׎Î7yz ÇÊÌÈ

"Saestuna jalma anu mulya dianatara aranjeun di payuneun Allah nyaeta jalma anu pang takqwana diantara aranjeun."

Dina ngalaksanakeun sa’i nyaeta leumpang ngincid anatara shofa jeng marwah tujuh balik eta ngandung pelajaran napak tilas siti hajar istrina nabi ibrohim anu sabar,ulet tur gesit nalika anjeuna jeng orokna yakni nabi ismail di tinggalkeun ku nabi ibrohim di gurun pasir. eta siti hajar sareng nabi ismail ngan di bekelan cai sa dirigen leutik jeng sabeureuneuk korma,ngan cukup ker sababarah poe,cisaneureup tos seep, da puguh cai teu aya di gurun pasir mah, siti hajar tetep mantep ngabelaan orokna yakni nabi ismail neangan cai bulak balik ti bukit shofa ka bukit marwah nepi ka tujuh balik bari ngadoa ka gusti Allah, akhirna do’a siti hajar di ijabah ku gusti Allah SWT, teu jauh ti tempat nabi ismail kaluar cai ti jero taneuh anu ayeuna katelah ku ngaran cai zam-zam.

Hadirin anu mulya
Tina eta kisah urang tiasa nyandak pelajaran yen salaku istri anu di tinggalkeun berjuang ku suamina kudu daek sabar,tawakal,tur berjuang sarta berkorban ker ngahontal kana rido Allah SWT.
Sarengsena urang idul adha hayu sami-sami urang ngaronjatkeun sumanget ngajalankeun ibadah,kalawan daek berkorban di jalan Allah SWT.


بارك الله لى ولكم بالايات والذكر الحكيم وتقبل منا ومنكم تلاوته انه هو السميع العليم وقل رب اغفر وارحم وانت خير الراحمين استغفر الله العظيم لى ولكم ولسائر المسلمين
     
 
what is notes.io
 

Notes.io is a web-based application for taking notes. You can take your notes and share with others people. If you like taking long notes, notes.io is designed for you. To date, over 8,000,000,000 notes created and continuing...

With notes.io;

  • * You can take a note from anywhere and any device with internet connection.
  • * You can share the notes in social platforms (YouTube, Facebook, Twitter, instagram etc.).
  • * You can quickly share your contents without website, blog and e-mail.
  • * You don't need to create any Account to share a note. As you wish you can use quick, easy and best shortened notes with sms, websites, e-mail, or messaging services (WhatsApp, iMessage, Telegram, Signal).
  • * Notes.io has fabulous infrastructure design for a short link and allows you to share the note as an easy and understandable link.

Fast: Notes.io is built for speed and performance. You can take a notes quickly and browse your archive.

Easy: Notes.io doesn’t require installation. Just write and share note!

Short: Notes.io’s url just 8 character. You’ll get shorten link of your note when you want to share. (Ex: notes.io/q )

Free: Notes.io works for 12 years and has been free since the day it was started.


You immediately create your first note and start sharing with the ones you wish. If you want to contact us, you can use the following communication channels;


Email: [email protected]

Twitter: http://twitter.com/notesio

Instagram: http://instagram.com/notes.io

Facebook: http://facebook.com/notesio



Regards;
Notes.io Team

     
 
Shortened Note Link
 
 
Looding Image
 
     
 
Long File
 
 

For written notes was greater than 18KB Unable to shorten.

To be smaller than 18KB, please organize your notes, or sign in.